Juragan Juhe jeung Ujang Apen anu sabar
Dina hiji poé, nalika Juragan Juhe jeung Juragan Icih keur ngariung di kebon, maranéhna ningali Ujang Apen, hiji pemuda anu keur digawé jadi buruh tani.
“Kumaha caritana eta jalma miskin siga kitu bisa dihareupkeun?” ceuk Juragan Icih bari seuri ngaledek. Eta deui bari salakina Juragan Juhe nambahan, “Mending anjeun indit waé anu jauh, moal aya masa depan pikeun anjeun bisana ngan mawa kasialan pikeun kami!”
Ujang Apen nalika ngadéngé ucapan éta, ngan bisa nunduk bari teu bisa ngajawab. Sabeuneurna manehna teh nyimpen rasa cinta ka Lilis anak awewe Juragan Juhe, anu geulis jeung bageur. Sanajan kadua kolotna boga jiwa angkuh, tapi Lilis mah beda. Hatena someah jeung hadé. Lilis ogé sok ngarasakeun kasedihan jeung ngarasa karunya lantaran ningali Ujang Apen sok dihina ku kolotna kusabab hirupna aya dina kamiskinan.
Ujang Apen téh ngarasa jujur, yen manehna teh teu bisa nyumputkeun rasa cinta ka Lilis. Tapi nya kumaha deui, anu jadi kolotna moal bakal bisa ngarestuan. Kitu ogé sigana Lilis, anu sok merhatikeun kaayaan Ujang. Sanajan Ujang teh jeuleuma teu boga tapi tekadna ulet lamun digawe mah. Beuki lila Ujang mikir, sanajan osok dihina jeung direundahkeun, Ujang Apen moal kaliru boga rasa cinta ka Lilis. Ujang Apen yakin kana prinsip, cinta téh henteu ningali status, tapi niatna anu tulus.
Hiji mangsa Ujang Apen teh diusir ku kolotna, nyaeta Juragan Juhe supaya ulah aya digawe deui tina laha tanina. Bari pinuh kurasa nyeuri hate jeung kaseudih, akhirna Ujang Apen teh ngumbara indit ka kota, rek ngadu nasib sangkan supaya nasibna bisa rubah.
Sababaraha taun sanggeusna Ujang Apen indit ti eta leumbur, kaayaan usaha Juragan Juhe mimiti robah. Bisnisna anu haritana kaliwat sukses jeung jaya, ayeuna mimiti ngalaman kerugian jeung kaapeusan sabab loba anu nipu jeung gagal panen tina usaha tanina. Hutang-hutangna beuki numpuk, sakaligus harta anu dipiboga anu tadina pohara mimiti ngurangan kusabab kudu ngagantian karugian.
Singkatna teu kungsi lila, Juragan Juhe teh bangkrut usahana kusabab hutang anu beuki numpuk ka rentenir. Manehna jeung kulawargana kudu indit ti imah megah kusabab hutang anu teu bisa kabayar. Akhirna pindah ka imah nu kawilang leutik jeung seudeurhana.
Singkat carita dilain teumpat, Ujang Apen beuki ngaronjatkeun usaha dagang beasna lantaran boga dunungan anu bageur, tur mere kapercayaan ngelola usahana. Ujang Apen teh bisa ngolah sampe ka usaha dagangna mangpirang-pirang cabang.
Meunang usaha teh, dikumpulkeun panghasilan bari dijadikeun modal dagang beas di pasar. Usahana suksés neupi Ujang Apen teh jadi juragan beas.
Dina hiji mangsa, manéhna narima kabar yén Juragan Juhe teh ayeuna keur kasulitan dina kahirupanana kusabab bangkrut usahana. Ujang Apen teh sadar yen dunya eta berputar teurus harta ngan saukur titipan ti maha kawasa.
Ujang Apen akhirna aya niat rek ngunjungan Juragan Juhe. “Juragan, kumaha abdi tiasa ngabantosan?” ceuk Ujang bari teuteup mere hormat, sanajan haténa masih kénéh kapeurih ku hinaan anu pernah dialaman.
Juragan Juhe, anu ayeuna keur isin jeung teu boga pilihan, nyarios, “Ujang, kuring nyesel. Kuring nganuhunkeun anjeun parantos ngahargaan ka kulawarga kuring anu ayeuna keur susah. Upami anjeun hoyong, kumaha lamun anjeun nikah sareng Lilis?”
Ujang Apen rada bingung, tapi cinta ka Lilis teuteup nyurung dina haténa. “Kuring hoyong, tapi aya syarat. Juragan kedah sadar yén hirup téh teu kedah sombong. Urang sadayana sami di payuneun Gusti anu maha kawasa,” ceuk Ujang, ku nada anu rada tegas.
Juragan Juhe nyuhunkeun pangampura, “Kuring bakal robah jeung nyeuseul, Ujang. Kuring bakal ngajarkeun ka diri kuring pikeun leuwih ngahargaan batur.”
Akhirna, pernikahan antara Ujang Apen sareng Lilis dilaksanakeun sacara sederhana, tapi pinuh ku kabahagiaan. Lilis seuri sumringah, sedengkeun Juragan Juhe sadar kumaha pangajaran hirup anu penting. Anjeunna nyadar yén harta henteu jadi jaminan kabahagiaan.
Kalawab bantuan ti Ujang anu ayeuna jadi minantuna, kulawarga Juragan Juhe berjuang pikeun ngalereskeun kaayaan. Aranjeunna diajar hirup sederhana, tapi ku silih bantu sareng silih hargaan, kaayaan maranéhna laun-laun jadi rada makmur deui usahana.
Sanggeus nikah, Ujang Apen sareng Lilis jadi pasangan anu saling ngadukung. Ujang ngajarkeun Lilis ngeunaan pertanian, sareng Lilis nyaritakeun ngeunaan seni anu jadi bakatna. Hubungan maranéhanana beuki nguat jeung harmonis.
Juragan Juhe sjeung Juragan Icih, ayeuna mangrupikeun jalma anu leuwih rendah hati. Maranéhna nyadar yén waktu sombongna sampai meunangkeun pelajaran anu berharga. Urang désa ogé jadi nyaho ngeunaan robahan Juragan Juhe.
Cerita ieu nyebar di sakuliah désa, janten pelajaran pikeun sadayana yén harta memang penting, tapi leuwih penting deui pikeun jadi jalma anu rendah hati sareng ngahargaan batur. Sabab hirup téh henteu ngan ukur ngeunaan kabeungharan, tapi ogé ngeunaan cinta, panghormatan, sareng hubungan anu jero. (Esbe)

0 Komentar