Tumbal Lauk Walungan Cilongkrang


ilustrasi gambar



"Kadieu jang ulah jauh-jauh ulina". Ceuk si Kusen bari nyingsatkeun calana anu logor lantaran geus belel ka si Sarmedi. 

Kusen teh hiji lalaki anu nyaah pisan ka adina hiji-hijina anu katelah Sarmedi. Harita teh, geus hujan gede kaayaanana, kumatak Kusen ngawanti-wanti ka adina ulah ulin bae ka walungan anu keur pohara caina.

"Enya atuh akang, Medi moal ulin ka walungan ayeuna mah bisi cilaka soalna ningal cai teh keur banjir ningan..." waleur Sarmedi ka lanceukna.

"Hayu atuh urang mulang ka imah, sakeudeung deui rek magrib jang". Ceuk Kusen bari nyingsatkeun deui calanana.

"Muhun hayu atuh" Ceuk Sarmedi bari ngaberesan parabot mancing anu digawe tina kai jeung tali seunar saayana. 

Harita teh Kusen jeung Sarmedi arek niat mancing, kusabab sore eta teh biasana anu ngarana lauk teh sok loba di walungan. Lumayan meureun jang dahar peuting kusabab diimah teh ngan ayu sangu hungkul sisa masak tadi beurang.

Kusen jeung Sarmedi teh dua budak anu yatim piatu. Indung bapana tos maot kaduana, basa keuna musibah tanah longsor dileumburna. Kumatak Kusen mah nyaah pisan ngarasa boga dulur ngan hiji-hijina nyaeta Sarmedi anu kudu dijaga jeung dirawat. Memang kaayaana perihatin pisan hirupna ditinggalkeun ku kolot bari teu ninggalkeun naon-naon.

"Kang ari isukan meunang teu, Medi ngala lauk deui ka walungan? susuganan laukna keur loba. Sateungah didahar jeung sateungah na bakal dijual. Sigana untung kang.." Ceuk Medi bari ngolo ka lanceukna bari ngahayal loba lauk diwalungan teh.

"Ari ceuk akang mah ulah waka med, soalna cai walungan teh keur naek kaluhur lantaran hujan terus dua poe katukang. Engke bae lamun cai na rada surut nya ". Jawab Kusen bari ngusapan buuk na anu baseuh kusabab sesa kahujanan tadi. 

Leumbur tempat Kusen jeung Medi hirup teh kateulahna Kampung Cilongkrang, memang dikenal loba pohara lauk emas jeung jaer na lamun usim hujan teh. Matak kadang-kadang, urang kampung sabeulah teh sok milu ngajaring jeung marancing. 

"Med, wayahna ingeutkeun omongan akang, ulah waka mancing heula nya bisa ku maonam (musibah). Soalna geus pirang-pirang jalma loba anu palid diwalungan teh. Leungit kadang-kadang teu kapanggih." Ceuk Kusen ngingeutkeun deui ka Sarmedi.

Sarmedi ngan bisa ngaleunggutkeun sirahna sigana teh satuju kana omongan lanceukna.

Peuting harita teh, sora jangkrik jeung sasatoan saolah ngabaturan Kusen jeung Sarmedi kana istirahat sabab waktu teh geus nepi kana teungah peuting, bari hujan leubat turun deui siga anu neuruskan hanca hujan ti sore. 

Kusen bari nutup lawang, geugeuroan ka Sarmedi, "Med, geura istirahat soalna geus peuting lan hujan ningan.."

Ti jero kamar Sarmedi oge nembalan "Eunya kang, ieu ge geus mulai peureum tunduh pisan panon teh".

"Nya atuh Med ari kitu mah" Kusen bari nuju ka teungah imah bari niat rek ngagoler diluhur samak. 

Peuting eta terus nambah tiris kusabab diluar hujan kacida gedena. 

Hujan teh nuluy neupi ka wancik subuh.

Gancang carita, wayah subuh teh geus mulai caang. Panon poe geus bijil ti beulah wetan tandaning beurang teh geus jol harita teh. 

Riuh-riuh diwalungan Cilongkrang teh loba pisan jeuleuma ngarumpul. Kusen masih diuk wae dina dipan awi bari masih ngalamun. Luak lieuk neangan adina nyaeta Sarmedi dimana ngagolerna eta budak, da lamun teu salah mah peuting teh ngagoler bareung jeung manehna teh jeung adina.

Hawar-hawar aya anu ngetok lawang hareup. 

"Punteun....punteun...kang Kusen..punteun..." ceuk jalma diluar teh

Kusen laju bae hudang bari maksud rek muka lawang hareup. 

" Nun, ke dagoan sakeudap" Ceuk Kusen bari langsung lumpat muru kana lawang

Lawang teh langsung dibuka ku Kusen, torojol teh mang Jejen bari nafas na siga anu eungap balukar geus lulumpatan jauh ti hareup lawang. 

"Aya naon nya mang..? Siga anu tos lulumpatan... matak nyieun reuwas bae" ceuk Kusen teh ka mang Jejen

"Ieu adi didinya  peuting kamana? soalna aya anu ningali dibawa leumpang ku nini-nini kolot ceunah tengah peuting bari huhujanan. Lain kacida leubatna eta hujan teh. Ceuk mang Jejen bari rada bingung

"Maksud mamang Jejen teh Sarmedi?" ceuk Kusen bari kaget kusabab adi na mah milu sare jeung manehna peuting tadi teh. 

Laju bae Kusen, asup ka imah bari geugeuroan...

"Med...Med...dimana didinya teh..." ceuk Kusen bari neangan Medi kajero imah.

Nya beuneur wae, Medi teh teu nyauran pisan digeuroan ku Kusen teh. 

Kusen laju ka hareup nyampeurkeun mang jejen anu aya di lawang. 

"Mang Jejen..., laju kumaha atuh ieu teh mang..?" ceuk Kusen bangun reuwas jeung khawatir soalna Sarmedi euweuh di imah teh. Boa beuneur anu dicaritakeun ku mang jejen, yen adi na teh di bawa ku jurig anu nyarupakeun nini-nini kolot. 








Posting Komentar

0 Komentar