![]() |
Kahirupan teu salilana pait |
Sastra Tulisan - Di hiji lembur nu jauh ti keramaian kota, hirup saurang lalaki ngarana Asep. Asep téh yatim piatu ti leutik, teu boga dulur, teu boga baraya. Hirupna bener-bener sebatang kara. Ti jaman budak, Asep geus biasa digawe sorangan, nyiar nafkah keur ngeusi beuteungna. Sanajan hirupna hésé, tapi haténa teu kungsi muringkak, malah jadi beuki kuat.
Waktu rumaja, Asep sering dihina ku babaturanana. Maranéhna nganggep Asep moal bisa hasil. "Ah, si Asep mah moal bisa nanaon! Hirupna moal jauh ti jadi tukang angon domba!" ceuk salah saurang babaturanana nu sok ngahina. Ceuk jalma-jalma di lembur, Asep mah ngan saukur jelema miskin nu teu boga masa depan.
Sanajan kitu, Asep teu kungsi nganggap remeh dirina sorangan. Anjeunna boga cita-cita jang jadi jelema nu bisa ngaganti nasibna. "Lamun kuring terus usaha jeung ulah nyerah, pasti aya jalan keur hirup leuwih hadé," ceuk haténa.
Bari ngora, Asep nekat indit ka kota. Anjeunna ngamimitian ti handap pisan, jadi tukang bakakak di pasar, tukang dagang cilok, nepi ka jadi kuli di pabrik. Sanajan sering teu dihargaan, dibayar saeutik, malah kungsi ditolak waktu ngalamaran gawé, Asep tetep sabar jeung terus usaha.
Sababaraha taun kaliwat, Asep mimiti ngumpulkeun duit hasil jerih payahna. Anjeunna buka usaha sorangan, ngamimitian ku modal saeutik, dagang di kios leutik pinggir jalan. Tapi kalawan kerja keras jeung disiplin, bisnis Asep laun-laun jadi gede. Anjeunna jadi pangusaha sukses, boga sababaraha toko, usaha katering, nepi ka jadi salah sahiji jelema pang beungharna di kota éta.
Waktu keur susah, Asep kungsi naksir sababaraha mojang di lemburna, tapi ditolak. Salah saurangna, Indah, malah ngahinakeun anjeunna. “Asep, hirup urang mah béda jauh. Kuring teu bisa hirup jeung jelema nu teu boga masa depan siga maneh,” ceuk Indah bari seuri sinis.
Tapi Asep teu nganggap éta hinaan minangka tungtung. Anjeunna yakin hiji waktu, jelema-jelema nu ngahinakeun dirina bakal nempo hasil tina sagala usaha jeung perjuanganna.
Taun-taun geus kaliwat. Asep geus jadi jelema beunghar, boga kahirupan nu leuwih ti cukup. Di hiji waktu, Indah nu kungsi ngahina anjeunna datang ka kantor Asep, kalayan haté leutik. Anjeunna menta hampura. “Asep, hampura... abdi nu kungsi ngahina. Kuring teu nyangka, anjeun ayeuna jadi jelema suksés. Kuring salah mun geus nganggep remeh anjeun.”
Asep ngadéngé éta, ngan seuri leutik. Anjeunna teu boga rasa dendam. "Hirup mah lain keur ngahina batur, tapi keur belajar. Kuring geus lila ngahampura anjeun. Urang sadaya pernah salah."
Indah ngaguguk bari terus nyuhunkeun hampura. Tapi Asep ngan seuri, haténa lega. Anjeunna geus ngabuktikeun yén usaha jeung semangat moal kungsi ngecewakeun. Sagalana aya waktuna, tur sagala kakuatan datang tina tekad sorangan.
Asep jadi conto yén sanajan hirup sebatang kara, lamun aya semangat jeung teu gampang nyerah, tangtu bisa ngahontal naon nu diimpikeun. Hina dina lalakon hirup mah mungkin bagian tina ujian, tapi usaha jeung kahadéan, éta nu bakal ngahasilkeun buah anu manis.(Esbe)

0 Komentar